“Baik, kita tidak perlu banyak diskusi lagi. Mimpi kita sama. Pengalaman kita sama. Mari kita ubah negara ini. Kita masing-masing tahu, apa yang kita akan kerjakan. Kalau ada yang sulit untuk diputuskan, baru kita rapat lagi sambil mendengarkan musik ketika kita di jalanan dulu.”

Kota Kita Dalam Jepretan

Percik Permenungan :

Alloh akan meninggikan derajat orang-orang yang berilmu

CARPON: HADIAH TI BAPA BUPATI

Sumber Foto: Metro Puncak News

Kuwu Jumena ngabéwarakeun ka masyarakat Cihérang, wiréhna dina minggu hareup Bapa Bupati Sukamaneuh rék ngayakeun Kunjungan Kerja Ka éta kampung. Lain ngan diumumkeun dina waktu pangajian wungkul, Kuwu Jumena masang béwara di posronda, posyandu , jeung di tempat-tempat anu kira-kira ramé. Hansip Ika jeung Hansip Adut mah teu sirikna ngomong ka unggal jalma.


Bapa Bupati rék ngayakeun Kunjungan Kerja ka Cihérang téh lain ngan saukur kahayang Bapa Bupati sorangan, tapi Kuwu Jumena ngahaja ngondang manéhna, pedah jalan Cihérang geus dioméan kalawan ngagunakeun waragad swadaya murni masyarakat. Keur jadi trénd kiwari mah anu ngaranna swadaya téh, kusabab teu gampang ngawangun prasarana Umum ku ngandelkeun tanaga, késang, jeung harta masyarakat.

Bisaana, para pamimpin anu di laluhur sok aratoheun lamun sumanget swadaya ngaronjat deui di masyarakat. Aya alesan anu utama, ceuk béja Pendapatan Asli Daérah Kabupaten Sukamaneuh téh émang  teu saimbang jeung anu kudu dibalanjakeun. Lamun teu bisa ngaturna mah unggal tahun antara PAD jeung Belanja Daérah téh leuwih gedé Belanja Daérah-na, antukna pamaréntah daérah nombok. Tah kahayang pamaréntah mah, teu kudu kabéh pangwangunan kudu dibiayaan ku anggaran ti pamaréntah. “ Moal enya keur ngomékeun kenténg imah anu bocor masih kénéh ngandelkeun biaya ti pamaréntah?” Kitu meureun.


Swadaya masyarakat Cihérang ku Kuwu Jumena dibéjakeun ka dununganna, ka Bapa Camat. Ngadéngé kitu, Bapa Camat unggut-unggutan bari méré pujian ka Kuwu Jumena, majar ceunah bisa ngaronjatkeun deui sumanget anu geus lila titeuleum. Atuh Ku Bapa Camat dina poé éta pisan langsung ngajugjug maké mobil dines ka kampung Cihérang, hayang nénjo ceunah kumaha hasil kerja bhakti urang Cihérang ngoméan jalan téa.

“ Heuheu…. Ngageleseur ari tumpak mobil mah, teu cara tumpak motor dines!” Ceuk Hansip Ika, manéhna milu jeung Kuwu Jumena maturan Bapa Camat nyobaan jalan anu geus dioméan.

“ Hussh… teu kéngéng kitu atuh, awon ah!” Kuwu Jumena ngomong, bari unggut-unggutan ka Bapa Camat. Kopéah hideung anu nyéngclé téh katénjona siga anu arék murag.

Bapa Camat ngan bisa seuri konéng, dikacapanon hideung, anteng nyetiran mobil.

“ Tétéla, masih aya kénéh geuning sumanget swadaya di Cihérang mah, Kuwu!”

“ Muhun, Nun…!” ceuk Kuwu Jumena handap asor dépé-dépé.

Wanci pecat sawed harita téh. Cihérang geus mimiti ramé, ngulisik. Warung Mang Ujang anu pernahna pas pisan péngkolan geus mimiti ramé, sababaraha urang geus aya di dinya, kaasup si Kemed jeung sababaraha urang anu kungsi jadi Panitia Ngoméan jalan.

“ Urang ngopi heula atuh, Kuwu!” Ceuk Bapa Camat ngeureunkeun mobilna hareupeun warung Mang Ujang.

“ Teu langkung, Nun!”

Anu aya di warung neges-neges waktu mobil dines Bapa Camat eureun hareupeun warung pisan. Teu apaleun lamun éta téh mobil Bapa Camat. Ngan ceuk pikiran maranéhna éta téh mobil ménak ti dayeuh wéh.

“ Bangun mobil ménak ieu mah, Euy!” Ceuk Si Kemed bari ngadahar géhu.

Anu séjén anteng ngopi, ngan panon mah kabéh ogé neges-neges kanu tarurun dina mobil.

“ Eum geuning si Ika… oh Pa Kuwu… oh éta aya saha deui teu wawuh… jiga jalma penting éta mah!” Cép Lukman ngomong,dudukuy masih napel dina sirahna da karak balik ti sawah tas ngangon éntog.
Hanspi ika dédépéan, bari nyadiakeun Korsi keur Bapa Camat.

“ Haraling… haraling… ieu bangku kosongkeun. Bapa Camat badé calik di dieu!” Ceuk Hansip Ika bari ngangkat bangku kai anu keur didiukan. Si Kemed anu keur anteng ngadahar géhu digebesan.

“ Na ari sia Ika. Kadeuleu déwék keur diuk. Ké Lanan atuh!”

“ Gancang pindah… tuh kana jojodog hareupeun hawu manéh mah. Itu Bapa Camat arék diuk di dieu. Haling…ah. “ Hansip Ika gegebes deui. “ Tukang éntog Beulah ditu, tuh diuk dina korsi leutik di jero warung. Ujang siapkeun kadaharan anu ngareunah, ulah géhu urut diacak ku leungeun si Kemed!”
Bapa Camat melak cangkéng.

“ Mangga calik, Bapa!” Ceuk Hansip Ika.

Anu araya di dinya merong, bari dédépéan, handap asor. Si Kemed jeung Cép Lukman parébut jojodog, Mang Ujang sili siku  jeung Kang Kurdi bari anteb neuteup ka Bapa Camat, manéhna sing Haréwos. Kuwu Jumena diuk gigireun Bapa Camat.

“ Ujang, Kemed, Kurdi, Lukman…” Ceuk Kuwu Jumena. “ Tah ieu téh Bapa Camat…!”

Bapa Camat unggek bari mésem.

“ Owhhh….!” Ceuk nu opatan bareng.

Jung si Kemed nangtung, muru ka Bapa Camat. Ngajak sasalaman, celepot leungeun Bapa Camat disun ku manéhna. Anu lain ogé pipilueun nurutan si Kemed.

“ Eumm… ah, bisaa baé atuh, Lur!” Ceuk Bapa Camat. “ Cing ah kuring hayang kopsus.!”

“ Mangga, Bapa!” ceuk Mang Ujang.

Sa-jam lilana Bapa Camat aya di warung Mang Ujang. Manéhna ngabéjaan, lamun minggu hareup Bapa Bupati arék ngayakeun Kunjungan Kerja ka Cihérang.

“ Tah, kuring rék ka Kantor Kacamatan deui. Siapkeun nya sagala rupana!” ceuk Bapa Camat ka anu aya di dinya. “ Bapa Bupati mah resepna téh ranginang jeung buras!”

“ Yaktos, Nun… “ Kuwu Jumena unggut-unggutan.

“ Mangga…kuring rék ka Kantor deui!”

“ Muhun mangga Bapa Camat.” Ceuk anu aya di warung.

###

Dina poé Kemis Kuwu Jumena ngondang sakabéh tokoh Masyarakat Cihérang. Balédésa geus pinuh ku para tokoh. Érwé Apud dijaket kulit, katénjo masih sepa da ceunah karak cageur gering. Si Kemed, Mang Ohi, para inohong jeung tokoh agama nyumponan kana ondangan ti Kuwu Jumena.

“ Opat poé deui Bapa Bupati bakal datang ka Cihérang. Salaku warga anu hadé,  urang kudu nyiapkeun sagala rupana..” kuwu Jumena muka caritaan. “ Tah ayeuna mah urang musyawarahkeun kumaha hadéna dina engké acara, mangga éta mah teu langkung hadirin sadaya.”

Ti Tukang aya anu ngacung, terus nangtung. Érté Kohar. Kabéh anu aya di dinya ngalieuk.

“ Mangga, kudu kumaha ceuk pa érté!”

“ Ari ceuk pamikir ti abdi mah. Urang kedah nyiapkeun sagala rupina , pa Kuwu!” Kitu ceuk érté Kohar. “ Kanggo sementawis sakitu baé ti abdi mah!” gék érté Kohar diuk deui.

“ Heueuh pan ceuk Kuwu ogé tadi kitu, értéeeeee!” Mang Ohi ngomong.

“ Ulis catet atuh dina notulen!” Ceuk Kuwu Jumena nitah ka Ulis Mamad. “ Mangga saha deui, bilih aya usul anu sanés!”

Haji Sukri, Pimpinan Pondok Pasantrén Al-Magribun ngadeg.

“ Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuhu….!” Haji Sukri Uluk Salam.

“ Wa alaikum Salamm…!” Ceuk anu aya di dinya.

“ Mangga lebet, pa Haji!” Hansip Adut ngagorowok, dasar jalma géhgéran. Atuh anu aya di dinya molotot ka Hansip Adut.

“ Ika, bawa kaluar si Adut!” Ceuk Kuwu Jumena ka Hansip Ika.

Hansip Adut langsung didudut leungeunna ku Hansip Ika.

“ Mangga, dilajeung pa Haji!”

“ Ari ceuk kuring mah. Urang kudu nénjokeun sikep salaku urang Cihérang anu béar budi, resep kana kabersihan.”

“ Teras…”

“ Kuwu kudu ngajak ka urang Cihérang sangkan bebérésih jeung memérés ieu kampung. Ulah aya anu moé-moékeun jeroan di sisi jalan, jukut-jukut kudu dibersihan, lamun perlu sakur imah anu aya di sisi jalan kudu dicét. Tah sakitu ti kuring mah. Wassalam…!”

“ Waalaikum Salam…!”

“ Ulis catet!!!” Kuwu Jumena nitah deui ka Ulis Apud. “ Salajeungna saha?”

“ Kuring boga usul. Bapa Bupati apan ceuk Bapa Camat ogé kudu disuguhan. Tah kumaha lamun urang Cihérang dibéré tugas, kabéh kudu nyiapkeun rupa-rupa kadaharan. Kuring siap ngayakeun déblo jeung gegetuk mah!” Ceuk Mang Ohi.

“ Kuring siap ngayakeun endog asin!” Ceuk Cép Lukman.

Kabéh pada nawarkeun kadaharan anu rék disiapkeun.

“ Ari panggung , korsi jeung papayon kumaha?” érwé Apud nanya

“ Apan aya uang kas érwé!” ceuk Si Kemed.

“ Uang kas nanahaon setéh, ti mimiti déwék jadi érwé asa can pernah nyekel uang kas déwék mah!” Érwé Apud molotot.

“ Ari éta tiap poé jumaah nanahaonan érwé Apud nagihan pérélék ka tiap imah?”

“ Béda deui siah éta mah. Éta mah keur lamun aya anu gering jeung aya anu maot!”

“ Heueuh aya meureun buktina.”

“ Geus béak!”

“ Dipaké naon baé nepika duit pérélék ludes kitu?” Si Kemed panasaran.

“ Déwék gering dua minggu. Tah ku déwék dipaké ngalongok déwék anu gering. Lamun masih panasaran engké ku déwék diténjokeun catétanna!”

“ Oh… saé atuh.!”

“ Atos atuh, “ Kuwu Jumena nyapih. “ atuh wios kanggo korsi, panggung, sareng papayon mah, badé disayogikeun ku balédésa. Cekap panginten sajuta ogé nya?”

“ Cekap, Pa Kuwu. Geclokkeun deui wé taneuh béngkok!” ceuk Kang Uki kalepasan.

Kuwu Jumena beureum beungeutna.

“ Atuh perkawis keur ngareuah-reuah dina waktuna mah, Kelompok Marawis Jamiatul Gambreng ogé siap dipintonkeun. Keun engké ku kuring rék dibéjakeun ka barudak!” ceuk Haji Sukri nambahan.

“ Kumaha ari ibu-ibu kader PKK sareng Posyandu, badé mintonkeun naon kanggo acara engké?”

“ Ah, ibu-ibu kader mah badé ngalagu Garuda Pancasila baé, pa Kuwu!” ceuk Ceu Papat, Ketua Kader Posyandu Cihérang.

“ Tah atuh ari kitu mah réngsé panginten. Ayeuna mah kantun siap-siap baé. Mangga ka para bapa sareng ibu,  énjing ajak warga masyarakat bebérésih sareng bebérés di ieu kampung, sangkan dina waktosna Bapa Bupati Sumping ka Cihérang tos siap sagala rupina.”

Musyawarah bérés. Kabéh kabagéan duit transport ti désa. Lima rébu séwang, diamplofan sagala.

Isukna, urang Cihérang geus pak pik pek, jalan gedé dibérésihan, dibebenah, sakur jukut dikoréd jeung dibabad, umbul-umbul dipasang sisi jalan, di sisi Kampung geus dipasang spanduk anu eusina: “SELAMAT DATANG BAPA BUPATI SUKAMANEUH TERCINTA DI CIHÉRANG.” Sababaraha imah dicét ku apu, pager-pager ogé diapu, para pamuda mah ngapuan sisi jalan. Kelompok Marawis Jamiatul Gambreng unggal peuting ngayakeun latihan marawis di pondok pasantrén Al-Magribun. Atuh para kaum ibu anu gabung dina Kader PKK jeung Posyandu “ Soanten Cihérang” ngayakeun latihan ngalagu Garuda Pancasila, ngahaja ngadatangkeun dirijén ti Kacamatan.

Anu séjénna geus cuh cih nyarieun rupa-rupa kadaharan. Mani sareungit ku rupa-rupa olahan, siga arék lebaran gedé. Kuwu Jumena anteng latihan pidato dibaturan ku Hansip Ika jeung Adut.

Dina poé minggu, sagala rupana geus bérés. Panggung geus dihias, diréka-réka, maké balon jeung kertas anu hérang sagala. Korsi diéntép di handapeun papayon, korsi kahormatan dibuleun ku lawon bodas.

Bérés roés, tinggal nunggu poé isukan.

Dina peutingna, Bapa Camat ngahaja ngadatangkeun sababaraha pulisi pamong praja. Bapa Kapolsek jeung danramil ogé datang. Hayang nénjo kumaha persiapan urang Cihérang. Dina wanci sareureuh budak, Kuwu Jumena jeung sababaraha urang Cihérang ngumpul di balédésa. Jaga-jaga ceunah, bisi aya jalma anu kumawani hianat keur ngagagalkeun acara. Ongkoh deui apan ayeuna keur meujeuhna haneut issue bom-boman. Pasukan hansip anu diluluguan ku Hansip Ika geus maraké seragam héjo-héjo, kabéh ngabaris hareupeun balédésa. Katambah halodo deuih.

Anu séjénna aranteng maén kartuh dina panggung. Érwé Apud jeung érté Kohar  mah tutunjuk ka anu kabagéan tugas ronda, ceunah kudu ngaronda sapeupeuting bisi aya hal anu teu dipiharep. Para nonoman ogé pipilueun begadang, bari ngahitar ngalagu dangdut. Teu cara ti sasari, peuting éta mah haneuteun pisan. Ramé.

Kabéh anu aya di balédésa nangtung jeung ngalieuk ka Beulah kidul. Aya anu leumpang kadinyakeun. Horéng si Aip. Manéhna culang-cileung, siga anu héran.

“ Aya naon ieu téh, mani ramé kieu? Waktuna sararé ayeuna mah.?” Tanyana ka anu araya di dinya.

“ Ka dieu manéh?” Ceuk si Kemed ngagupayan si Aip. “ Sok calik heula adén di dinya.” Si Kemed ngeusian gelas ku kopi panas. “ Mangga ieu kopina kanggo Adén Gatotkaca…”
Si Aip séséréngéhan.

“ Ih adén Gatotkacaaa… ari sia kamana baé?” Ceuk si Kemed morongos.” Kieu tah pamuda hokcay téh. Ieu, isukan téh urang rék kadatangan ku Bapa Bupati. Ari sia kamana baé atuh,Aip?”

“ Barukk? Da teu apal-apal acan kuring mah, Kang. Nyaéta kamari téh kuring diajak ku Aki Uko, bisaa atuh silaturahmi ka sababaraha paguron anu aya di Kacamatan Cimoronyony. Aya kana dua mingguna kuring diajak ku Aki Uko téh. Anu paling berkesan mah waktu silaturahmi ka Paguron “ Gelap Ngampar..” duh éta mah anu jadi pupuhuna, jaba ti hébat téh bageur deuih..”

“ Geus tong ngadongéng baé. Isukan Bapa Bupati arék ka dieu, manéh geus barang jieun naon?”

“ Nya naon atuh, da karak apalna ogé ayeuna.” Jawab si Aip.

“ Ajak ku manéh Aki Uko kadieu, urang begadang kitu. Jeung susuganan isukan daékeun menca, keur ngareuah-reuah datangna Bapa Bupati téh moal enya ngan nanggap marawisan wungkul, atuh kudu aya panyelangna.”

“ Siap, kang!” bérébet si Aip lumpat rék néang Aki Uko. Padahal Aki Uko téh dumukna di kampung tatangga. Si Aip teu nolih kacapé.

“ Ika, susul ku manéh dina motor kaditu!” ceuk Kuwu Jumena. “ Karunya, bisi Aki Uko mopo di jalan.”

“ Euh, mangga pa Kuwu!”

Hansip Ika geus balik deui, ngaboncéng si Aip jeung Aki Uko. Aki Uko diuk di tengah dihapit ku duaan. Mani peureum beunta diboncéngna téh. Dijakét hideung, didadamping.

“ Heuheuy, kabawa ogé geuning tah aki-aki téh..!” Ceuk Cép Lukman.

Kuwu Jumena jeung anu séjénna ngabagyakeun kadatangan Aki Uko.

“ Teu ditampiling manéh ku Aki Uko, Ika?!” Si Kemed nanya.

“ Puguh ieu gé mun teu ngelok mah sapat beuheung déwék dikadék ku gobang.” Ceuk Hansip Ika. “ Daékeun milu téh pédah di bobodo rék aya acara gendang penca wé di balédésa.”

Si Kemed nyirihil.

“ Mana gendangna? Mana Goongna? Mana tarompétna?” Aki Uki ngagorowok.

“ Eum, bébénjokeun kadituh ku kaset wayang golék, bisi ngadon ngamuk, derr deuih ngarugrugkeun panggung.” Ceuk Si Kemed ka Kang Uki. “  Trio Libels wé sugan mah, Uki, Ika, jeung Uko!” Tambah si Kemed.

“ Calik heula atuh kasepuhan…!” Ceuk Kuwu Jumena bari nitah diuk ka Aki Uko.

“ Kuwu, pangna kuring dadaékan peuting-peuting diboncéng téh pedah ku si Ika dibéjaan aya gendang penca ceunah di balédésa. Mana atuh teu kadéngé-déngé acan térétét tarompétna ogé?”

“ Oh, gampil éta mah. “ Kuwu Jumena nenangkeun Aki Uko, “ Kieu ,Aki… énjing téh ka Cihérang badé kasumpingan ku Bapa Bupati. Tah kanggo ngareuah-reuahna téh, badé mintonkeun Mawaris ti Jamiatul Gambreng. Ngan asa kirang pantes upami urang salaku urang Sunda teu mintonkeun salah sawios seni sareng budaya Sunda. Kumaha upami énjing aki menca kanggo ngareuah-reuah acara?”

“ Kuwu, ari masalah meunca mah gampang keur kuring mah. Ngan rék dipirig kunaon kuring, ari gendang, goong, jeung tarompétna euweuh mah?”

“ Gampil atuh…!” Ceuk Kuwu Jumena ngiceupan ka Hansip Adut. “ Sok ayeuna mah Aki reureuh di balédésa baé, acuk silat mah énjing dicandak ka rorompok aki ku si Ika.”

Dina radio kadéngé Cép Lukman keur nyetél wayang Golék. Aki Uko dungduk-dengdék.

“ Kuwu, tah déngé… anjirrrrr Neni Hayati keur nembang… heu.. ka jero heula ah. Kuring rék ngadéngékeun wayang Golék. “

“ Sok manga, Aki!”

Aki Uko leumpang bari éngklak-éngklakan abus ka jero balédésa.

“ Nya, ceuk déwék gé. Dibébénjokeun ku wayang Golék ogé anteng Aki-aki éta mah!” Pok Si Kemed bari nyuruput Kopi panas.

Peuting ngarayap. Cihérang haneuteun. Déngék budak kalindih ku sora anu cékcok.

###

Sisi jalan Cihérang pinuh ku jalma. Mani ngéntép ngabaris rék ngabagyakeun datangna Bapa Bupati. Sakola ngahaja diperékeun, barudak ngajajar sisi jalan bari mawa bandéra merah putih anu dijiuen tina kertas wajit. Kolot budak awéwé lalaki ngagimung. Warung-warung ngahaja nutup, para patani teu ka sawah da ceunah hayang ningali  Bapa Bupati. Orok ting darengék disusuan ku anu jadi indungna.

Si Kemed maké stélan resmi, calana coklat, baju paul disabuk kulit, sapatu kelenci warna bodas. Mang Ohi maké stelan ménak baheula. Cép Lukman teu maké dudukuy deui, ayeuna mah maké jas. Kabéh darangdan, ilaharna keur lebaran.

Kelompok Marawis Jamiatul Gambreng geus nabeuh kitimplingan. Sholawatan. Dipimpin ku Haji Sukri pimpinan Pondok Pasantrén Al-Magribun. Para ibu kader PKK jeung Posyandu geus sariap-siap di sisi panggung.

Korsi geus pinuh ku tatamu ondangan. Camat jeung réngrénganna geus cuh cih tutuh-titah. Hansip Ika jeung Adut sibuk ngabagikeun kadaharan.  Kuwu Jumena digéndéng ku pajikanna. Maké batik, calana dines, kopéah nyéngclé. Pulisi jeung pamong praja ngajarega.

“ Kumaha, Bapa Bupati téh lami kénéh?” Tanya Kuwu Jumena ka Bapa Camat.

“ Ceuk Ajudanna mah keur kadieukeun. Bieu nga-SMS.” Jawab Bapa Camat.

Jam geus nunjukeun angka 8. Panas nakeran. Kabéh lukut-lékét ku késang, komo anu katojo pisan ku srangéngé mah.. Buuk sababaraha pamuda anu diminyak keletikan katojo ku srangéngé mani melenghir. Kaum ibu anu dipalupur pipina laas ku késang anu maseuhan beungeut. Teu dirasa, da hayang nénjo ménak ceunah.

Hawar-hawar kadéngé sora sirine. Beuki lila beuki jelas ngadeukeutan ka Cihérang. Kabéh ngalieuk ka Beulah kalér.  Bapa Camat langsung nangtung bari memener baju jeung calana. Urang Cihérang deg-degan. Teu kungsi lila, dua motor patwal dituturkeun ku mobil sédan hideung ngageleser. Di tukangeunna ngajajar aya kana lima belas mobilna, siga anu pawéy. Rombongan Bapa Bupati geus datang. Kelompok Marawis Jamiatul Gambreng beuki tarik sholawatan, disusul ku ibu-ibu kader anu ngalagu Garuda Pancasila. Anu lain pagelek-gelek, hayang pahareup-hareup, sangkan jelas ningali Bapa Bupati.

Mobil eureun. Panto dibuka. Kaluar dina panto mobil Bapa Bupati. Dibagyakeun ku Bapa Camat jeung Kuwu Jumena. Anu araya dina mobil tarurun, garinding, ménak téa meureun. Sapatu harérang. Réngréngan Panitia mah sarasalaman jeung Bapa Bupati, anu séjénna ngan saukur bisa ningalikeun bari pagelek-gelek.

Solongkrong ranginang jeung buras disuguhkeun ka Bapa Bupati. Teu katinggaleun cai, seupan cau, buah-buahan jeung réa-réa kadaharan disuguhkeun.

Bapa Bupati pidato, urang Cihérang euweuh anu usik, ngaregepkeun ucapan Bapa Bupati. Dina éta biantara, Bapa Bupati muji kana sumanget swadayana urang Cihérang. Bapa Bupati masrahkeun bantuan ka Kampung Cihérang, mangrupa duit anu gedéna 10 juta, keur digunakeun ngawangun pangabutuh urang Cihérang. Kuwu Jumena nampa éta duit. Atuh prok-prok kabéh émprak.

“ Tétéla, bageur Bapa Bupati mah!” Gerentes haté kabéh jalma kitu. Muji ka Bapa Bupati.

Acara bérés, saluyu jeung anu sakumaha dijadwalkeun. Euweuh bancang pakéwuh. Lancar… Wanci manceran Bapa Bupati ninggalkeun kampung Cihérang, dijajap ku teuteupna urang Cihérang. Aya ogé anu gugupay bari reumbay ku cipanon, sono ka ménak anu bageur ceunah.

###

Peutingna, Cihérang jempling. Tiiseun, angin ngahiliwir. Kuwu Jumena keur ngariung jeung sababaraha tokoh masyarakat di imahna. Opieun satambru.

“ Tah ieu artos, sapuluh yuta, badé dikumahakeun?” Kuwu Jumena muka caritaan.

Anu araya di dinya silih pelong, silih toél.

“ Sakumaha anu diamanatkeun ku Bapa Bupati, apan éta arto téh kedah dianggo pangwangunan, Pa Kuwu.” Hansip Ika nyarita.

“ Heuheuy, si Ika sisinarieun ngomong.” Kang Kurdi anu nngomong.

“ Atuh apan, urang ogé bijil késang ngayakeun acara nyambut Bapa Bupati téh Pa Kuwu. Moal enya teu kabagéan cai-caina acan mah.”

“ Nya ari kuring mah teu langkung, kumaha hasil kaputusan wé.”

“ Bagikeun baé atuh, sing rata…” Mang Ohi méré usul.

“ Kumaha atuh anu sanés?”

Kabéh tarungkul. Komo érwé Apud mah geus kupal-keupel leungeunna. Si Kemed ngusap gado.

“ Akur lamun dibagikeun?”

“ Akurr…!”

“ Sttt… tong tarik teuing atuh.”

Dina peuting éta, nalika urang Cihérang geus tibra saré, duit sapuluh juta direcah, dibagi-bagi, masing-masing kabagéan lima ratus rébu séwang.

Langit mani mabra. Caang bulan opat belas. Hiliwirna angina nyelesep kana sela-sela bilik. Kuwu Jumena neuteup kana lalangit kamar. Pamajikanna nyegrok kérék. Duit sésa  masih dicekelan. Kuniang hudang, gék diuk gigireun ranjang. Diteteup pamajikanna anu geus tibra saré.

“ Kongkorong sakitu geus ngéntép ogé masih kénéh hayang ditambahan.” Kuwu Jumena nilik-nilik duit anu masih dicekelan. Manéhna ngusap beungeut. Ngahuleung. Duit diteundeun dina méja. Kuwu Jumena kaluar. Diuk dina korsi di téras imah, nepika wanci janari leutik.

Cihérang beuki jempling…

KANG WARSA

Informasi Terkait

Tidak ada komentar: