S-Distorial

Tulisan Terbaru

Carpon: Jalma Kucel

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Kamis, 29 September 2016 | 13.02

Keur sagala hésé, ceuk iber dina TV mah ékonomi keur sulit. Nya bener sagala hésé. Naha atuh, ongkoh sagala hésé tapi pasar jeung toko mah heurin usik ku anu baralanja? Jadi sagala hésé téh palebah mana?

" Keur déwék wé meureun sagala hésé téh! " Gerentes Si Kemed. Udud anu dikempet dina sela curuk jeung jajangkung diilikan. " Kari saparapat deui?"

Ngarahuh. Wanci pecat sawed, barudak sakola geus bubar. Arélég di jalan. Hawa usum ngijih karasa ngelekeb. Langit geus ceudeum, hujan sok turun méméh lohor, geus biasa. Anu keur moékeun paré sakapeung sok dibarengan ku kukulutus, nyawad ka alam, ngan hujan wé!

" Ba'da lohor déwék rék ka dayeuh, rék nyoba kana pakasaban anyar, ahh wegah, arék ngalamar gawé ka pabrik semén baé, lumayan cenah rada gedé gajihna, Si Atip ogé kagajih kana lima yuta sabulanna." Pelenyun ngudud. " He-eh, pan Si Atip mah sarjana, ari déwék? SD ogé teuing dimana ijazahna?"

" Tong sok ngalamun wayah kieu, bisi kaasupan jurig jarian, Kemed!"

" Euh, silaing geuning, Ocim. Puguh geus kaasupan jurig déwék mah ti baheula ogé. " Semu ngabalieus. " Udud?" Bari ngasongkeun udud anu geus téréh béak.

" Ah, keur peré ngudud déwék mah." Ceuk Si Ocim. " Haram!"

" Haji Sukri sok ngudud, manéhna pan Kyai di ieu lembur, can pernah ngaguar dina tiap minggonan lamun ngudud téh haram." Si Kemed mencrong Si Ocim. "Heueuh haram ah, haram udud téh! " Pokna, udud anu kari puntung dileyek, ditincak kawas nu ambek. " Deuleu, ieu udud ku déwék dileyek!"

Si Ocim diuk gigireun Si Kemed. Dina saku Pangsi ngaluarkeun udud sabungkus. Udud disundut, haseup diseuseup, peledug kaluar tina baham jeung liang irung.

" Ari silaing kawas anu teu cageur, cenah haram?"

" Haji Sukri sok ngudud, manéhna pan Kyai di ieu lembur, can pernah ngaguar dina tiap minggonan lamun ngudud téh haram."

" Heueuh jadi kumaha atuh? Haram atawa henteu?"

" Dina cangkangna euweuh labél halal jeung haram."

" Jadi?"

" Nahaon silaing téh nananya halal haram udud ka déwék? "

" Rék milu moal?" Si Kemed ngéléhan. " Ka pabrik semén. "

" Arék naon?"

" Ngalamar gawé. Rieut déwék, kana tatanén hasilna kurang mucekil."

" Ari sawah arék diantep?"

" Antep wé, da moal kamamana meureun."

" Heueuh, hayu. Sakalian déwék ogé rék tatanya, hayang gawé, sarua euy, ngebon cabé kurang tarik hargana."

" Ari kebon rék diantep?"

" Antep wé, da moal kamamana meureun."

" Boloho ngan tuturut munding baé silaing mah!"

" Pikir ku manéh, ngan urang duaan nonoman di lembur Cihérang anu masih usaha kana tatanén. Anu séjén mah gawé ka dayeuh,ka pabrik, jeung ngumbara sagala ka ibukota. Sataun sakali baralik ka lembur, sagala dibawa. Si Uu mah geus kabeuli wahon sagala. Ari urang duaan? Ngan boga bati awak lestreng jeung bau hapeuk!"

" Heueuh, anu matak hayu urang robah hirup téh, urang gawé di pabrik semén jeung déwék. "

Paralak hujan turun. Si Kemed jeung Si Ocim ngésod ka tepas imah deukeut panto.

Ba'da lohor hujan root, siga ngahaja ieu alam, ngarojong kana maksud Si Kemed. Si Ocim bébéja arék mandi jeung nedunan lohor heula.

###

Di warung Mang Ujang aya anu diriung-riung. Hiji jalma diuk handapeun dipan, sakapeung ngagolér , buuk kucel, awak dekil, teu maké baju, awak ngan ukur dihalangan ku calana jero anu geus kotor. Teu eureun ngomong, sakapeung ngagalakgak seuri. Dibéré géhu hiji langsung disamualkeun tuluy ngomong.

" Nuhun, Lur!"

" Sami-sami, Lur!" Ceuk Mang Ujang.

" Saruana geuning, kalah ngadon dilayanan ku silaing mah, Ujang!" Bah Uko milu ngomong, melenyun ngudud.

" Handapeun ieu lembur, pinuh ku emas." Ceuk jalma kucel. " Sumpah, kuring mah moal bohong! "

Anu aya di éta tempat silih pelong. Mémang pernah baheula ogé aya anu ngomong kitu, kasang tukang éta lembur dibéré ngaran Cihérang ogé aya patula-patalina jeung kajadian rébuan taun ka tukang. Karuhun di éta lembur pernah nénjo emas mayakpak di tegalan kiduleun lembur. Cenah.

Ngan carita emas kasilih ku carita séjén anu leuwih "ngetrend " saperti kajadian di puseur dayeuh, kasus korupsi, skandal élit, gosip artis, jeung kahirupan sapopoé anu mémang kudu dipikiran kalawan daria. Lain saukur koréh- koréh cok, jaman ayeuna mah dipacok heula terus dikoréhan.

" Émang aya kitu anu gélo jujur?" Hansip Ika nanya, teuing kasaha.

" Atuh matak ngomong kitu ogé jujur meureun si éta téh, Ika." Hansip Adut ngomong bari nunjuk ka jalma kucel.

" Perlu bukti." Gerenyem Hansip Ika.

" Bener perlu bukti?" Jalma kucel nanya. Kabéh nu aya di éta tempat dipencrong imeut, euweuh anu kaliwat.

Jalma kucel ngarawu batu laleutik, tuluy kunyam-kunyem, teuing maca naon. Batu dikeupeul, dibuka, kabéh nu aya di dinya molotot mata simeuteun.

" Emas???"

Diawurkeun deui, ngawujud jadi batu.

" Tah, dilembur maranéh téh emas wungkul, wewelek!!!" Jalma kucel nangtung, tuluy ninggalkeun éta warung. Hansip Adut muru kana batu anu jadi emas tuluy jadi batu deui. Dikoréhan diilikan. Dicokot, terus disakuan. Jalma kucel terus leumpang ka kalér.

" Adut, udag itu jalma, deuleu!" Ceuk Hansip Ika.

###

" Kedah sarjana, Kang." Ceuk HRD pabrik semén.

" Jadi kumaha atuh?" Tanya Si Kemed.

" Muhun, upami sanés sarjana mah teu tiasa ngalamar sareng damel di ieu pabrik."

" Kudu sarjana cenah, Cim. Manéh sarjana lain?"

" Boro-boro, ijazah SD gé teuing dimana?"

" Jadi kumaha atuh? Euweuh alternatif séjén? "

" Kedah sarjana." HRD nyéréngéh, tétéla urang lembur mah parolos jeung rada boloho.

" Apan ieu pabrik aya di wewengkon kuring, naha kuring maké teu bisa gawé di dieu? Teu adil atuh."

" Tiasa damel, mung kedah sarjana."

" Aturan timana?"

" Ti perusahaan, Kang. Abdi mah mung kapapancénan wungkul, upami hoyong damel di dieu Akang kedah sarjana heula." Keukeuh.

" Kadéngé ku silaing, sanajan urang anu boga ieu wewengkon ari lain sarjana mah teu bisa gawé di ieu pabrik. Non sarjana mah cukup jadi penonton, Ocim." Ceuk Si Kemed. " Hayu urang mantog, teu perlu ngalamar ka pabrik modél kieu lah."

" Hayulah, terus kumaha atuh?"

" Mantogggg!"

HRD ngabati nyéréngéh, ngarahuh nénjo kalakuan dua urang lembur.

###

Wanci harieum beungeut, kaayaan di Cihérang béda jeung sasari. Di tiap imah geus ramé ku rupaning babacaan. Imah anu biasa nyetél sinétron ayeuna mah ngadadak peré, diganti ku ngaji Surat Yasin. Nu teu bisa ngaji, babacaan sabisa-bisa, aya anu maca fatihah wungkul, ngan saratus balikan, aya ogé anu saukur kunyam-kunyem, pokona babacaan sabisa-bisa. Da kitu ceuk jalma kucel, lamun emas anu aya di ieu lembur hayang némbongan deui tur mayakpak kawas anu kungsi dicaritakeun ku kolot-kolot jeung kokolot lembur Cihérang.

“ Teu kudu loba paménta jeung sagala hayang itu ieu, prak baé anu ku kuring diomongkeun lakonan, tawasulan, tahlilan, anu jarang jarrah ka kuburan lakonan saminggu sakali, doraka siralaing jolédar ka karuhun jeung ka aki nini uyut, wewelek!” Ceuk Jalma Kucel dina hiji mangsa nalika diudag ku Hansil Adut terus dibawa deui ka warung Mang Ujang.

“ Kabéh percaya?” Tanya Si Kemed kanu aya di warung dina hiji poé.

“ Percaya atuh, da euweuh nu goréng. Batu ogé apan jadi emas!”

“ Percaya kanu gélo?”

“ Da jelema anu gélo ogé!” Ceuk Mang Ujang.

“ Nya sukur atuh. Da kuring ogé osok jarrah jeung tahlilan mah. Nu jelas mah lembur jadi haneuteun baé!" Ceuk Si Kemed.

Geus kana dua bulan urang Cihérang ngabiasakeun tawawulan, tahlilan, jeung jarrah. Aya anu béda, lembur anu asalna ramé ku dangdutan dina VCD Player diganti jadi ku réang sora anu ngaji yasin. Para nonoman loba anu ngahaja maraké kopéah hideung, ngariung di téras imah RW Apud dibarengan ku tahlilan, saminggu sakali. Sok sanajan emas can kaluar kénéh saheunteuna kaayaan lembur karasa beuki mabra. Caang teuing ku cahya naon. Balukarna, hasil tatanén ogé jadi alus, paré anu asalna mindeng ku hama, dina dua bulan ieu mah kaciri pialuseun.

Anu hajat ogé ngadak-ngadak hayang ngayakeun degungan, jaipong, penca silat , jeung pangajian. Organ tunggal teu dipaliré deui.

Kang Warsa



Grafologi jeung Karakter Barudak

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Selasa, 27 September 2016 | 07.22

GRAFOLOGI JEUNG KARAKTER BARUDAK
Kang Warsa - Caca
Guru Basa Sunda - Sekretaris II PGRI Kota Sukabumi 

Can aya panalungtikan nu dilakonan kalawan daria lamun bentuk seratan jalma dipangaruhan ku mentalitasna. 

Niténan kana seratan barudak ayeuna asa pajauh jeung barudak baheula. Sabab, baheula mah di sakola tingkat dasar geus diajarkeun "menulis halus", atawa imla-khot lamun di sakola agama mah.

Jaman kiwari, seratan budak SMA baé lolobana te jauh béda jeung budak SD kelas 4, aya alibi majarkeun aksara dokter cenah.

Tulisan arék bentuk, karakter, jeung eusina geus tangtu dipangaruhan ku lingkungan sosio-kultural anu aya. Ayeuna geus sing sarwa canggih, nyerat tinggal ngetik terus diprint, hasilna ogé leuwih rapih jeung bisa diréka-réka jinis font-na. 

Kusabab mindeng kitu, ari kana nyerat langsung ku pulpén mah jarang, mawa pangaruh kana jinis aksara atawa tulisan leungeun. Acak-acakan! 

Jinis aksara jeung tulisan leungeun ogé ngébréhkeun kana méntalitas bangsa  jeun barudak urang ayeuna. Tulisan kurang rapi nandakeun sikep kasar leuwih gedé dina dirina. Kasar jeung garihal kahirupan ogé lain aya dina basa tulisan wungkul, apan dina basa verbal ogé kecap anu kaluar tina diri urang lolobana mah kasar jeung garihal. 

Kuring lain jalma ateis, tapi kana teori evolusi kosmik mah percaya sagemblengna. Kahirupan silih ganti, kamotékaran jalma ogé kitu, paéh tuluy hirup jeung kumbuh deui. Pasualan seratan jeung tulisan jalma dipangaruhan ku hal ieu.

Umur alam dunya geus ampir 190 milyar taun, ceuk astronom 12 milyar taun. Hartina peradaban manusa geus lumangsung jeung silih ganti rébuan kali. Ciri utama réngsé hiji peradaban saimbang jeun kamajuan téknologi. Milyaran taun ka tukang lain euweuh peradaban anu canggih kawas ayeuna. 

Runtuhna peradaban ditandaan ku kurang laku jeung jarang dipaké deui aksara anu diserat kalawan manual. Antukna, jalma-jalma leuwih resep nulis din dunya virtual jeung diteundeun dina cloud. Hal ieu mangrupa hiji balahi, nalika sistem online jeung internet tumpurludes. Nya kitu pan, saha jalmana anu apal lamun dina hiji mangsa jalma bakal balik deui ka titik Nol peradaban? Kabéh boga sangka bakal jumeneng pan?

Moal jauh béda kaayaan modél di luhur bakal kaalaman deui ku mangsa peradaban ayeuna. Cindekna: Alloh nyieun alam anu sakieu lega jeun umur dunya geus kolot nandakeun lamun kahirupan téh geus ngalaman  rébuan peradaban anu silih ganti.

Ngan urang teu sadar, saolah hirup ngan ukur 60-80 taun lilana. Anu matak, kana ngaraksa seratan jeung tulisan  leungeun ogé dianggap kurang  perlu.

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Ménak Anyar (Hanca Ka-16)

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Rabu, 21 September 2016 | 17.18

Geus asup tanggal lilikuran bulan Rewah, sakeudeung deui bulan Puasa bakal kasorang. Kana genep poé deui. Geus jadi kabiasaan di lembur, nalika arék asup bulan puasa - sok loba - anu jadi kolot ngawinkeun budakna. Kabiasaan éta geus jadi hal lumrah jeung galib di lembur Cibodas, alesanna hiji, anu can kungsi lakirabi jeung ngarasaan rumah tangga bakal beuki karasa nimat jeung ngeunah rumahtangga téh dina bulan puasa.

Harita jarang kacaritakeun anu disebut parawan jeung jajaka kolot. Awéwé geus biasa malahan bisa dikawinkeun ku anu jadi kolot dina umur 15 taun, tegesna umur kurang 20 taun ogé geus bisa rumah tangga. Anu jadi kolot bisa éra paradah nalika budak awéwé geus nincak umur leuwih 20 taun tapi can kungsi aya lalaki anu ngalieuk-lieuk acan. Anu disebut parawan atawa jajaka kolot bisa disebut aya dina darajat anu paling handap, masih kénéh éléh ku sebutan randa atawa duda. Saheunteuna, randa jeung dud amah geus kungsi ngasaan rumah tangga. Kitu pikiran di lembur waktu harita.

Kabiasaan ngawinkeun budak ngora-ngora malah masih kawilang budak kénéh dilakukeun ku masarakat lain kusabab hal éta wungkul, ogé ngajaga ngaran budak. Karék silih ténjo antara hiji jajaka jeung wanoja, moal kungsi kana sabulan, Si jajaka geus ditarikan kawin ku kolot awéwé, alesanna, éra, bisi kumaha onam. Rupa-rupa kumaha onamna mah.

Ngan anu jelas, aya rasa kareueus tinu jadi kolot nalika nénjo budak awéwé patepung rabi, geus komo lamun acara jatukrami dibarengan ku hajat anu rongkah. Ah, teu kudu hajat anu rongkah, ku ngayakeun degungan ogé geus kawilang hiji hal anu nyugemakeun. Waragad keur hajat jeung kariaan biasana ditibankeun ka pihak lalaki. Teu jadi hal anu éra nalika kolot lalaki kudu ngajualan naon baé keur ngawinkeun budak lalakina, malah biasa diomongkeun ka batur-baturna, ngajual sawah atawa taneuh saareu, keur ngawinkeun anu jadi budak.

Lembur Cibodas dipinuhan ku rupaning tangkal, hiji lembur anu dipinuhan ku curcorna cai. Jalan can dibalai ku batu. Masih kénéh taneuh. Lolobana masarakat usik-malikna dipangaruhan ku kaayaan alam di éta wewengkon. Kana tatanén. Alamna subur, melak naon baé ogé jadi. Sawah geus puguh upluk-aplak.


Para patani geus cuh cih di sawah méméh wanci haneut moyan ogé. Anu jadi anéh, sok sanajan alam di éta wewengkon kawilang alam anu beunghar, tapi masarakat anu kawilang jegud ngan saeutik, lolobana sarwa kakurangan, imah panggung jeung kalolobaanna mah geus waktuna diréhab.

Kyai di lembur sok ngaguar, jalma kudu loba syukur, sok sanajan aya dina sagala kakurangan tapi ulah ngarasa kurang, kudu ngarasa cukup. Anu geus dibikeun ku Alloh ka jalma moal nyalahan, geus aya ukuranna. Masarakat dibéré papatah samodél kitu ku Muallim Oléh ngabati sugema, asa ngeunah ceunah.

Di éta wewengkon kungsi aya hiji lalaki anu kawin ka saurang awéwé tanpa daksa, leungeun ngan hiji. Loba anu ngaléléwé. Tapi kasugemaan jeung katenangan kungsi diomongkeun ku éta lalaki ka Mualim Oléh.

“ Sok sanajan kuring kudu nanggung kaéra lamun ka ondangan, tapi aya hal anu nyugemakeun diri kuring, Mualim!”

“ Heueuh, sukur atuh. Siga kumaha?”

“ Jalma anu boga pamajikan geulis camperenik, can tangtu bagja, geus pasti dipinuhan ku kasieun, sieun direbut batur téa lah, sieun salingkuh lamun ditinggalkeun ka panyabaan. Tapi kuring, moal sieun kitu kieu kusabab boga pamajikan samodél Si Nyai anu kitu buktina. Éta salah sahiji kasugemaan anu karasa ku kuring.”

“ Tah, kitu. Anu diuudag ku sasaha ogé lain nanaon, katenang jeung kasugemaan batin, Jang!”

Genep poé deui ka Bulan Puasa, hajat jeung kariaan lumangsung di imah Ambu Uju. Jang Iman jeung Néng Papat kawin. Ramé pisan. Kusabab santri, anu jajap nalika seserahan pinuh ku lalaki anu diparéci hideung jeung didadamping. Sabari maraca solawat badar. Rupaning babawaan.

Pangantén lalaki jeung anu nganteurkeun dibagéakeun ku kulawarga pangantén awéwé. Dipapaésan ku degungan, jentréng kacapi jeung gung-na sora goong. Beledug.. beledug teu jauh di éta tempat sora pepetasan disundut. Barudak lembur éak-éakkan, teu saeutik ogé anu ngadon nutupan ceuli.

Lain saukur nyundut pepetasan, da éta mah kabiasaan anyar, keur ngabéwarakeun datang pangantén lalaki, méméh degungan dipintonkeun, ditakol heula gamelan panada kadatangan pangantén lalaki. Jang Iman jeung anu ngabringkeun dipapag ku calon mitoha di lawang panyawéran.

Ma Jua, saurang awéwé anu biasa nyawér geus kunyam-kunyem. Guguritan nyawér dihaleuangkeun, sora semu peura. Eusina lain nanaon, saukur papatah ka calon pangantén anu arék ninggalkeun mangsa nyorangan.

Muji sukur ka Gusti Yang Widi Tina bungah henteu hinggana laksana implengan haté ka pangersa Nu Agung akad nikah réngsé tarapti berkah kurnia Allah teu ringrang teu bingung ayeuna seja miwejang kagegelan kanggo pangantén sakalih malak mandar keur luang

Demi mangsa !
Satemenna hirup téh geus mapasangan ringkangna
Mungguh beurang, jeung caangna!
Mungguh peuting jeung weningna!
Mungguh lahir jeung batinna!
Eusian ieu ringkang mapasangan, ku amal kamulyaan !
Saperti, kecap welas asih, jeung asihna, langgeng abadi!
Saperti pancén rabi ti Illahi
Habluminanas………….., insan jeung insana
Habluminallah…………., Insan ka Allahna !
Pon kitu deui,
Dina ringkang kamanusaan
Aya asih ti sanubari
Aya rasa duriat manjang na mangsa
Tapel adam, tapel lahir, tapel batin !
Anteb ! rabi jatukrami.
Jung…………. geura nararikah !
Insan insan anu nyorangan, jeung papada insan
Anu nyurup kararawin, ti insan papada insan !
Anu lalaki jeung wanoja !
Upamana manéhna walurat
Gusti Allah, baris ngaganjar pirang-pirang kabagjaan
Mantenna Allah, nu maha jembar, kinasihannana
Mantenna Allah ! maha uninga,


Dibaca nepi ka parat. Tiap girangan diselang ku ngawurkeun sagala rupa anu aya dina cécémpéh. Barudak pahibut nalika anu disawérkeunna duit kencring. Paheula-heula mulungan duit. ku barudak lembur mah aya anu ngawinkeun jeung nyunatan budak sok pada ngadago-dago. Henteu sakola ogé teu jadi soal, da aya anu diudag, duit kencring tina panyawéran.

Wanci lingsir ngulon, Jang Aim jeung Néng Sekar ka ondangan Néng Sekar keur aya di Cibodas, sakola di dayeuh keur peré méméh puasa. babarengan. Barudak saentragan ramé, silih héotan, teuing ngahéotan naon. Aya ogé anu ngadéhém. Jang Aim ngabati seuri konéng, Néng Sekar teu nolih kana kaayaan, lempeng baé saolah euweuh kajadian nanaon, da puguh dina dirina masih pagalo ku dua pilihan, tetep cicing di imah bapana atawa milu kanu jadi indung nu geus kana dua minggu balik ka indung-bapana. Katénjo ku juru panon Jang Aim ogé, aya rasa anu gumulung dina diri Néng Sekar.

“ Kadé ah, Néng, bilih anu jadi bapa bendu.” Ceuk saurang lalaki.

Kabéh ogé apal, Radén Kanta geus ngomong kaditu kadieu, pamohalan Néng Sekar kudu papacangan jeung jalma samodél Jang Aim, teu boga nanaon. Hirup lain saukur ngandelkeun cinta jeung asih. Katoong ku Néng Sekar sorangan, anu aya dina diri bapana saukur matéri jeung sebutan keur dirina salaku ménak. Kanyaah jeung rasa cinta mah aya di nomer ka lima puluh. Buktina, anu jadi indung balik ka kolotna ogé, diantep ku Radén Kanta.

“ Bapa, karunya ema, téang atuh.” Ceuk Néng Sekar dina hiji poé kanu jadi bapa.

“ Lah, geus perlu duit ogé, indung manéh bakal balik deui!” Jawab Radén Kanta.

Ambu Uju ngabati sura-seuri nalika nénjo anu jadi budak, Néng Papat diuk dina korsi pangantén di gigirna hiji jajaka anu geus jadi minantu. Jang Iman, lalaki anu kawilang bageur jeung disebut soléh ku urang lembur.

***

Tilu poé méméh Bulan Puasa, geus karasa hawa puasa. Geus kairong, ibadah puasa taun ieu bakal dilakonan dina usum halodo. Néng Sekar gura-giru muru imah Kang Acip.

“ Jajap abdi ka Bojongloa..” Pokna ka Jang Iman.

“ Tos wawartos ka Pa Kanta?”

“ Puguh mabur, Jajap Sekar ka bumi ema di Bojongloa, kersa henteu?”

Jang Aim ngan bisa unggeuk.

Saparat jalan geus ramé, jalma-jalma uplek ngawangkongkeun, keur dina poé munggahan, daging hayam jeung munding arék diasakan kucara kumaha, diopor atawa dikerebek? Di Jalan Palabuan mah geus jlug-jleg jongko dagangan, geus kataksir anu rék didagangkeun hayam jeung daging.

Tilu poé méméh puasa, Néng Sekar dibarengan ku Jang Aim mapay galengan, ti Cibodas ka Bojongloa rék nepungan anu jadi indung.

Aya Naon?

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Sabtu, 17 September 2016 | 16.35

Lain hal anéh, kalimah pananya samodél di luhur mindeng diucapkeun ku urang. Nalika dina hiji mangsa, urang keur aya di jalan, terus aya kajadian - umpamana aya kacilakaan - tuluy kaluar kalimah: "Aya naon?"

Nya bener, sikep jeung rasa hayang nyaho jalma kana tiap kajadian. Sanggeus ngedalkeun kalimah pananya, sikep saterusna nyaéta: aya anu bener-bener paduli, aya ogé anu teu paduli, cukup ku ngedalkeun pananya, "Aya naon?" Peun.

Anu tarumpak mobil malah nanyana lain ka sasaha tapi kanu aya di jero mobil sorangan. "Aya naon, téh?" Geus tangtu, anu aya di jero mobil ngabati ngangkat taktak, ngerem mobil sakeudeung, ngarandeg, dius deui ngagas mobil, paburu-buru bisi kapegat macét.

Tiap kajadian anu lumangsung teu bisa leupas tina paningali balaréa. Jalma sagala hayang nyaho, ngakibatkeun tilu hal; paduli, haré-haré , jeung aya ogé anu teu paduli. Aya kahuruan di pasar -umpamana- aya anu saukur jadi wartawan dadakan, nanya: "Aya naon? Kusabab naon? Duhh harianeun?", saterusna lalajo pasar anu kahuruan nalika patugas cuh cih mareuman seuneu.

Jalma séjén saukur ngabati kerung, dina alam pikirna ngagarunem: "Kunaon nya? Boa aya anu ngahuru?" Aya ogé anu saukur ngalieuk, ngaliwat kitu baé, terus nanya: "Pasar kahuruan?" Ditembalan kuunggeuk ku anu ditanya. "He-eh", cenah ngan sakitu, paduli teuing.

Jalma anu sikep altruisna gedé mah langsung ngalakukeun hal anu disebut prakna. Aya ogé anu riweuh, utar-atur ku sungut sabari tutunjuk, nyieuh-nyieuh, gugupay kana mobil Damkar kawas tukang parkir, dunya saolah milik manéhna, ngan dirina wungkul anu saolah riweuh.

Éta kabéh mémang mangrupa sifat dasar manusa. Sahenteuna dina dirina aya sikep kamanusaan anu geus jarang tumuwuh dina diri jalma nalika euweuh kajadian nanaon.

Dina bulan puasa sababaraha taun ka tukang, nalika di Kota Sukabumi aya kénéh "Pasar Maréma", sok disebut ogé "Pasar Senggol", hiji jalma keur pada ngerepuk ku lobaan. Sanggeus saméméhna aya anu ngagorowok: " Aya copét!" ti saurang awéwé.


Teu kudu dititah, anu aya didinya langsung ngudag Si copét, geus kacerek langsung digebugan, anu asalna teu apal nanaon ogé pipilueun najongan Si copét. Kalolobaanna anu keur baralanja curinghak bari ngedalkeun pananya, " Aya naon?", aya copét! Kabéh panon anu aya di dinya ngalalajoan kana éta kajadian.

Jalma anu sok puluk-palak ka tukang dagang ogé milu ngamuk nyiksa Si copét, ngarasa jadi jalma anu pangbenerna jeung jadi pahlawan, sanajan pagawéan sabenerna nyingsieunan kanu dagang.

Eureun-eureun nalika patugas kaamanan datang, sabari nanya deui: "Aya naon?". Dijawab ku jalma anu asa jadi pahlawan, teu néwak copét tapi mantuan ngagebugan: " Aya copét, Pa." Sabari ngélék Si Copét anu humaregung pédah beungeut geus bencenur asak. " Oh, Si éta! " kerewek leungeun Si Copét dicekel dikatukangkeun.

Bérés kajadian éta, kabéh haré-haré deui nuluykeun urusanna séwang-séwangan. Si Tukang palak ogé kitu, bari ngarahuh, nalika aya anu nénjokeun manéhna buru-buru morongos bari ngomong: " Aya naon?"

Jalma-jalma teu leupas tina sagala hayang nyaho, urusan jalma séjén ogé teu leupas kudu dikanyahokeun. Kana pasualan anu deukeut jeung dirina sorangan, kumaha cara ningkatkeun kualitas hirup sok tara nepi ka dipikiran. Wegah.

Beungeut-beungeut anu salila ieu katénjo dina kahirupan lolobana ngan saukur jalma anu marahmay jeung bener-bener museurkeun pikiranna kana infotainment, kasus Jessica, teu diguar ngan nepi ka pananya: " Aya naon?", tapi geus soson-soson diguar, dianalisa, atawa saukur ngucap ulang anu geus dipedar ku para ahli dina TV.

Ngan angger, nalika aya kajadian anyar, jalma-jalma bakal ngucapkeun deui pananya: " Aya naon?"

Kang Warsa

Ngaraga Budaya Sunda

Kalimah di luhur lain paribasa komo babasan anyar, tapi salah sahiji jejer dina hiji acara anu dikokolakeun ku urang Sunda di Sukabumi anu mikareueus kana Budaya Sunda, prungna dina Poé Saptu di Gedung Juang '45. Méméh prung ieu acara, kuring diondang ku panata calagara, ngayakeun sawala jeung gempungan, kumaha alus jeung goréngna ieu acara. Jelas pisan, euweuh anu goréng.

Anu disawalakeun dina acara "Ngaraga Budaya Sunda" teu birek, pasualan Budaya Sunda. Asa ahéng teuing ari disebut "sawala" mah, sebut baé wangkongan, ngawacanakeun hal anu kongkrit, lain kongrés, ngawangkong teu bérés - bérés. Ngan aya benerna, da anu ngaranna ngawangkong mah moal aya eureunna, salila urang hirup. Watesna anu jelas mah nyaéta, wangkongan jeung omongan kudu nyurup jeung nurub cupu nepi ka jucung kana hal anu dipimaksud.

Ngaranna ogé budaya, teu bisa dipisahkeun jeung manusa salaku mahluk nu ngaborojolekun jeung miboga budaya. Unsur budaya geus jelas, sakumaha geus dipedar ku para ahli, maké kacamata sosiologis jeung antropologis. Dipedar harti budaya ku para ahli arék domestik atawa ti mancanagara. Cindekna budaya téh sagala rupa hasil tarékah jalma. Mangrupa proyéksi tina ciptaan Anu Maha Kawasa.

Budaya Sunda mangrupa hasil tina prosés kasundaan, dina sagala widang, tina ageman, ajaran, basa, sistim sosial, jeung kamotékaran hirup. Geus henteu kudu dikedalkeun deui –sabenerna mah- kekecapan samodél kieu: anu mana Budaya Sunda téh? Da mémang geus ngamalir dina diri urang Sunda sorangan. Kaluarna kekecapan samodél : kamanaran urang Sunda? Mana Budaya Sunda? Nyirikeun hiji kapaur ti urang Sunda, sieun Jati Sunda leungit tina diri urang anu dumuk di Tatar Sunda.

Jati Kasilih Ku Junti paribasa anu dikedalkeun ku karuhun urang nalika ngangsregna cara hirup batur, ngagalaksak dina kahirupan urang, lain ayeuna tapi ti baheula kénéh. Ieu mangrupa hiji sifat kahirupan, anu ngaranna budaya mémang pasuliwer, ceuk kamandang ahli sosiologi mah disebutna: "lintas budaya". Kahirupan masarakat teu kawas batu, tapi ngalegaan, usik malik, ngalaman anu disebut akulturasi, asimilasi, difusi jeung akomodasi, éta kabéh mangrupa hiji kaniscayaan robahna kahirupan sosial, malahan aya ogé anu disebut ekspansi budaya.

Anu teu robah dina mangsa ayeuna nyaéta "jati" salaku urang Sunda. Nalika “jati” teu dipisahkeun jeung Junti, bakal bral anu disebut "pacogrégan budaya", paagul-agul ku -saolah- budaya sorangan padahal mangrupa asimilasi jeung akulturasi antara budaya urang jeung deungeun. Hiji kaniscayaan jeung hukum anu teu bisa disinglar dina ieu kahirupan pasualan sosial bakal terus ngalaman robah.

Anu kudu disuprih dina ngaji jeung ngawangkongkeun budaya lain nanaon, tapi niléy anu aya dina Budaya Sunda sorangan. Ngilik kana tali paranti karuhun Sunda, kahirupanna teu bisa pisah jeung ieu alam. Carita-carita rahayat anu sumebar di Tatar Sunda geus pasti dipapaésan ku naon-naon anu aya di alam ieu, kitu ogé dina kahirupan sosial masarakat anu nyata jeung aya, tumuwuh jeung beuki mekar, teu leupas tina sagala hal anu aya patula-patalina jeung ieu alam.

Sok sanajan dina danget ieu, ku kaca panon modérn, ngamumulé alam sok dikuat-kaitkeun jeung Pantheisme, saolah migusti ieu alam, kolot-kolot urang baheula teu nepi ka dinya pikiranna. Folklore atawa carita rahayat, kaulinan barudak Sunda, jeung sagala rupa unsur budaya ngabulen kana diri urang Sunda, eusina kudu silih ajénan jeung papada.

Kahirupan sosial beuki robah dilantarankeun ku ayana asimilasi, akulturasi, difusi, jeung akomodasi. Conto nyata akomodasi dina widang budaya, urang Sunda miboga falsafah hirup: miindung ka waktu mibapa ka jaman, pindah cai pindah tampian. Hirup kumbuhna bisa ngigelan jaman. Ieu lain harti usum-usuman, kumaha bréhna, tapi éstuning nénjokeun sikep adaptasi nu alus, lain ogé pasifatan mimikri atawa lolondokan. Sabab urang Sunda sadar, budaya aya dina wilayah ‘cangkang’, saripatina aya dina jati diri kasundaan. Ieu pisan –jigana- pihartieun ‘ngaraga budaya’ nyaéta budaya atawa hasil kahirupan urang Sunda anu kudu nembrag dina diri manusa Sunda.

Ayana sagala rupa unsur budaya di Tatar Sunda teu bisa leupas tina ayana ieu alam anu geus diraksa jeung diriksa ku karuhun Sunda. Moal aya lisung, halu, hawu, leuit, sérémonial adat, papakas, aksara, jeung cara lamun ieu alam teu diraksa ku karuhun Sunda. Aya lisung jeung halu nandakeun aya pare, sawah, jeung kebon.

Lalaki Sunda dipangsi nandakeun kahirupan anu kudu singkil, siap makalangan harirupan salaku jalma anu matuh dina tatanén jeung ngahuma. Kujang lain pakarang perang, tapi pakakas anu biasa dipaké keur ngokolakeun taneuh. Jaipongan jeung penca lain tarian perang komo digunakeun keur papaséaan mah, tapi mangrupa sikep rasa sukur jeung rumasa teu bisa malikkeun naon anu geus dibikeun ku Alloh. Réngkénék kuda-kuda, siga panceg padahal awak mah tetep rengkuh, nandakeun kahirupan di ieu alam, kawas tangkal paré, beuki gedé beuki ajeg tapi paréna mah henteu jocong ka luhur. Sabalikna, rengkuh, ajrih, tungkul, nénjo ka handap.

Mana atuh budaya Sunda? Kamarana urang Sunda téh? Nya, diri urang pisan urang Sunda téh, lain sasaha. Dina diri urang pisan nerap pageuh jeung napelna Budaya Sunda téh. Ngukur ka kujur, nimbang ka awak, ulah ngukur baju sasereg awak. Boga rasa jeung rumasa, éta ciri urang Sunda anu ngahasilkeun budaya.

Kang Warsa-Caca

Wangkongan Sunda: Kaulinan Barudak Sunda

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Selasa, 13 September 2016 | 13.04

Hirup kumbuh barudak di Tatar Pasundan dina mangsa ka tukang henteu leupas tina ayana rupa-rupa kaulinan. Arék kaulinan anu bener-bener ulin ogé kaulinan anu maké pakakas.

Ayeuna, kaulinan-kaulinan anu kawilang tradisional ieu geus kalindih atawa kasilih ku kaulinan anu geus miboga ajén modérn. Didadasaran ku kamajuan téknologi ogé beuki canggihna kamotékaran dina hirup.

Kudu aya tarékah ti urang kabéh, sangkan kaulinan barudak bisa nembrag deui dina kahirupan, kalawan teu kudu dipapaksa, tapi éstuning ngaguluyur, barudak daék deui milampah kaulinan-kaulinan anu geus pada mopohokeun.

Wilujeng ngaregepkeun, ieu wangkongan :

Rupaning Haji

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Senin, 12 September 2016 | 10.38

Geus euyeub jalma anu ka Mekah seja nedunan kawajiban Rukun Islam anu ka-lima, Haji. Dina pangajaran Ibadah Syariah di sakola agama mah sok disebut "munggah haji ka baitulloh". Ti taun 1900-1990, teu sagawayah jalma bisa nedunan éta kawajiban, saratna kudu jegud hartina mampuh, ku santri sok disebut "lamun kawasa di jalanna".

Kalimah " lamun kawasa di jalanna" dilarapkeun ku kyai dina pangajian minggonan ku sababaraha sarat, saperti: mampu, boga waragad, awak jagjag tur séhat, ditambah ku ikhlas. Saeutikna jalma anu indit ka Mekah dina waktu ampir saabad lilana lain kusabab waragad wungkul, ogé dilantarankeun ku  alat patali marga masih basajan.

Ka béh dieu, salian ibadah haji, ku kamajuan widang téknologi, jalma boga cara séjén, umroh mangrupa hal nu teu jauh béda jeung ngajalankeun ibadah haji. Da jelas cenah aya dalilna: " Waatimmul Hajja wal 'Umrota Lillaahi". Kajurung ogé ku beuki lobana anu niat haji, ngaheureutan kana jumlah quota.

Umroh mah dikokolakeun ogé ku travel-travel swasta. Bisa indit iraha baé. Nya jelas, kudu aya waragadna. Ku waktu saminggu atawa dua minggu, jamaah geus bisa balik deui ka lembur, dikopéah bodas lamun lalaki, kadieunakeun disebut baé Kang Haji. Di masarakat urang aya pangajén, umroh disebut haji leutik.

Geus diguratkeun dina ajaran Islam, aya dua jinis haji: mabrur jeung mardud, alus jeung goréng. Sok dipedar ku kyai di lembur, haji mabrur miboga ciri, ti mimiti nepi ka tungtung. Kahiji, waragad anu dipaké nyaéta duit tina hasil ikhtiar  halal, lain meunang maksa-maksakeun. Kadua, nalika hajian, kabéh amalan dilakonan. Katilu, kaciri kumaha hasilna nalika geus balik ka lembur. Lamun haji mardud mah sabalikna.

Sok digogonjakkeun ku masarakat lembur, salian dua jinis haji di luhur , aya ogé nu disebut haji mabur jeung haji kuli. Haji mabur nyaéta jalma anu nedunan haji ngan inditna wungkul, geus nepi ka Mekah mah ngadon caricing wé di hotél. Anu penting, waktu balik kalembur meunang pangajén ti masarakat ku disebut: bapa atawa ibu haji.

Haji kuli mah jalma anu bisa nedunan ibadah haji kusabab manéhna keur kuli atawa gawé di Arab. Ngan teu disualkeun ku masarakat mah, kumaha baé tarékahna jalma nedunan ibadah haji, arék mabrur, mardud, mabur, jeung kuli, jalma anu indit ka Mekah pasti disebut "pa haji, bu hajjah".

Kungsi aya idiom atawa sebutan "haji pedit, haji kumed, jeung haji kékéd méngkéné" di masarakat. Ditibankeun ka haji anu korét. Nepi ka aya kekecapan samodél kieu , " Naha nya, sanggeus jadi haji mah jadi korét, béda jeung keur méméh jadi haji?" Nya bisa disebut meureun oknum haji.

Keun baé naon baé disebutna, pasualan haji ieu teu kudu dipedar asal-usulna, kumaha jejer jeung sajarahna ti mangsa jahiliyah nepi ka ajegna. Jalma bisa ngahartikeun sorangan-sorangan. Anu kurang pantes nyaéta: urang ngajual taneuh ka batur keur maksakeun diri hayang indit ka Mekah. Sok sanajan katénjo alus ku ayeuna, tapi akibat ka hareupna pigoréngeun. Dina ushul fiqih aya kaédah: leuwih hadé ngajauhan kagoréngan tinimbang nyokot kaalusan.

Wilujeng Idul Adha

Kang Warsa - Caca

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Sagaranten-Cidadap: "Swarga Maniloka" di Selatan Sukabumi

Ditulis oleh: Sukabumi Discovery Pada Sabtu, 10 September 2016 | 16.16

Sampai hari ini, ungkapan Sagaranten – daerah berbukit dan berlembah  di Selatan Sukabumi – sebagai "Sagara Inten" (Samudera Intan) memang belum diteliti secara serius. Apakah hal ini hanya merupakan ungkapan atau memang benar penyebutan demikian merupakan hal lugas, jika di daerah tersebut tersebar intan.  Kalau hanya sebatas metafora, Sagaranten disebut "Sagara Inten", siapapun tidak perlu berpikir dua kali bagaimana indah dan asri daerah ini. Kecuali itu, berbagai sumber daya alam baik perkebunan maupun mineral jika dikelola dengan baik akan mampu mencukupi kebutuhan seluruh warga Sukabumi selama tujuh generasi ke depan. Dan ini tidak berlebihan.

Penulis sering mengernyitkan kening ketika di dalam kitab-kitab suci yang – pada awalnya - diturunkan  bagi bangsa Semit (Torah, Injil, dan Quran) di dalamnya sering membahas keberadaan Sorga atau Jannaatunna'im. Ilustrasi sederhana dari tempat sebagai hadiah bagi kaum beriman ini adalah sebuah tempat tak berbatas, dipenuhi oleh aliran air, dan rimbun pepohonan. Kenapa bangsa-bangsa Semit merindukan kondisi yang berbeda dengan alam mereka saat ini? Tanah tandus dan gersang? Kenapa kognisi mereka begitu mengikat erat pada kondisi alam yang saat ini begitu dekat dengan diri kita?

Kita hanya akan bermain-main melalui pendekatan metafora saja, karena sampai saat ini tidak ada seorangpun yang benar-benar mengetahui dan telah merasakan bagaimana kenikmatan Surga tersebut. Dengan kata lain baru "katanya". Metafora pertama dikeluarkan oleh Plato, dia menyebutkan sebuah tempat terindah di bumi ini , berada di sebelah Timur, dia menyebutnya: The East of Eden. Pandangan Plato harus direnungkan meskipun secara filosofis, pandangan tersebut lahir sebagai jawaban terhadap konsep ideal sebuah Negara dilukiskan ibarat kehidupan di Eden (Sorga). Critias and Timaeus karya Plato tanpa dibbubuhi oleh catatan-catatan kaki, ini merupakan karya orisinil seorang pemikir yang mampu menembus dimensi-dimensi lain dalam kehidupan. Bagi para pengagumnya, Plato sendiri disebut seorang nabi.

Pandangan Plato dalam Critias and Timaeus ini salah satu jawaban jika keberadaan daerah di sebelah Timur Jauh dari Athena merupakan tempat yang selalu dirindukan oleh siapapun. Cara berpikir kita memang sering terjebak ke dalam sikap linear, lurus begitu saja,padahal jika sebentar saja kita berpikir secara planar dan berdimensi, atau dalam ungkapan yang sering disematkan kepada Mangunwijaya sebagai pikiran bersayap, maka apa yang diungkapkan oleh Plato bisa saja merupakan hal yang benar. Sebab, perubahan yang terjadi di lapisan bumi paling luar ini membutuhkan waktu berjuta tahun, jika tidak disebabkan oleh bencana alam kemungkinan dirusak oleh manusia (nature and human disaster). Sebuah gunung yang rimbun dengan pepohonan bisa menjadi tandus dan berubah mewujud sebagai gunung berbatu memerlukan waktu berpuluh hingga beratus tahun.

Apa artinya? Pandangan Plato dalam Critias and Timaeus merupakan reflektif terhadap kehidupan yang telah terjadi ribuan hingga bermilyar tahun di sebelah Timur Athena. Sama halnya ketika di dalam kitab-kitab suci menceritakan kisah Adam dan Hawa (Eve) yang mendiami sebuah tempat subur, makmur, gemar ripah, sebelum mereka berdua diturunkan oleh Tuhan ke bumi. Dua pandangan berbeda, Plato lebih membumi sementara kitab-kitab suci mengabarkan hal-hal dari langit, bisa jadi lebih melangit.

Metafora kedua dikeluarkan oleh Ptolemeus, dalam Agryre disebutkan, Agryre merupakan sebuah tempat  berbukit, bergunung, berlembah, udara hangat, sejuk, beribu jenis satwa dan tumbuhan hidup dengan baik di tempat itu. Ada pandangan menarik, Agryre merupakan satu tempat yang merujuk kepada kerajaan Salakanagara.  Ptolemeus menyebutkan, Agryre dihuni oleh manusia-manusia bersahaja, berbusana tipis-tipis yang terbuat dari kapas, sistem kehidupan mereka tidak dipengaruhi oleh pranata sosial  yang ada namun lebih mendahulukan tata-tertib dalam kehidupan dengan saling menghargai satu sama lain. Daerahnya memanjang dari gunung besar menuju ke pantai di sebelah selatannya. Entah berapa ratus gunung dan bukit, hutan, perkebunan, hingga ladang-ladang ada di dalamnya. Siapapun ingin memiliki tempat ini, tentunya. Begitu pujian Ptolemeus terhadap keadaan dan kondisi Agryre.  

Merujuk pada dua metafora di atas, penulis memandang, penyebutan The East of Eden dan Agryre ini bukan tanpa alasan, dan ini menunjuk ke arah dimana saat ini kita sedang berpijak. Seperti metafora Sagara Inten terhadap Sagaranten bukan merupakan anggapan main-main. Orang-orang Semit dan mayoritas manusia memercayai kisah Raja Sulaiman (Solomon) sebagai penguasa bumi, dia takjub ketika melihat kerajaan Saba, disana terdapat sebuah fenomena, pelataran dipenuhi oleh intan berlian. 

Indra J Piliang, dalam Novel Pinangan Dari Selatan pernah membahasakan kepada penulis: " Bumi selatan adalah Istana Ratu Bilqis yang dirusak oleh keserakahan manusia." Bahkan, sampai saat ini, sage dan mythe Ratu Selatan masih sering diceritakan oleh masyarakat. Cerita rakyat ini berkembang dari mulut ke mulut, bukan hal mustahil, jika pada masa ribuan hingga masa jutaan tahun lalu, wilayah selatan memang pernah dipimpin oleh seorang ratu. Siapapun akan menyebut aneh terhadap pandangan penulis , tidak jauh berbeda dengan kaum atheis yang menyebutkan absurd terhadap cerita-cerita di dalam kitab suci.

Fakta yang terlihat sekarang adalah bumi selatan seperti Sagaranten dan Cidadap masih tetap lestari, ribuan spesies binatang, ribuan kerajaan tumbuhan terdapat di sana. Beberapa waktu lalu ditemukan sumber gas alam, tidak jauh dari kantor Kecamatan Cidadap. Terus terang, Swarga Maniloka yang berada di Selatan Sukabumi ini akan menjadi rebutan bagi manusia-manusia serakah, tidak jauh berbeda dengan manusia yang rakus akan keyakinan, mereka memperebutkan Sorga akhirat di dunia ini dengan cara apapun, kebaikan pun dijadikan kamuflase. Mereka menyebutnya sebagai ibadah sementara para perusak alam menyebutnya sebagai eksplorasi dan eksploitasi.  

Kurban jeung Nyaté

Aya carita anu béda antara dina tilu kitab (Torah, Injil, Qur'an) ngeunaan saha anu arék dikurbankeun ku Nabi Ibrohim. Dua kitab nyebutkeun Ishaq, sedengkeun dina Qur'an disebutkeun Ismail. 

Teu kudu jadi padungdengan sabenerna mah, da geuning sok sanajan béda kamandang dina éta kitab anu tilu, Ishaq jeung Ismail téh teu jadi dikurbankeun ku Ibrohim. 

Ceuk sakaol diganti ku domba. Pihartieunna mah, tug nepi ka iraha baé rasa kamanusaan bakal tetep ngéléhkeun sikep sato. 

Ibrohim lain jalma gélo anu kumawani meuncit budak pituinna. Ieu saukur méré gambaran,  dina ieu kahirupan urang ulah gampang ngedalkeun jangji jeung nadzar.

Ibrohim kungsi nadzar, lamun ku Gusti dipaparin budak lalaki, terus diperedih kudu dikurbankeun, pasti ku dirina bakal dikurbankeun.

Teu saeutik dina kahirupan ayeuna, urang sok gampang jangji jeung ngedalkeun nadzar. Duanana tangtu jadi hutang anu kudu dibayar. Jangji politik disebut hutang politik. Jangji pamaréntah ka rahayat disebut jangji pamaréntah. 

Atikan anu kadua dina carita Ibrohim nyaéta urang kudu daék méré atawa mikeun hal anu dianggap pang alusna ku diri urang ka batur. Lain mikeun panyésaan atawa kakarén, sagala rupa hal anu geus teu kapaké ku diri urang.

Dina konsép Kasundaan aya golongan jalma anu geus nepi kana tahapan "Mandala Wening", cirina nyaéta lamun aya jalma hayang kana barang anu dipiboga ku urang sok langsung dibikeun, tara mikir dua kali. Manéhna bener-bener geus boga anggapan, éta lain barangna.

Nu kitu meureun anu disebut aplikasi atawa napakkeun kurban kana kahirupan. 

Nu jadi dikurbankeun lain manusa tapi sato. Meuncit domba, sapi, jeung kebo mah ngan saukur "social approach", aya dina pasualan sosial keur ngaraketkeun anu mampuh jeung lolobana masyarakat. Hartina, babagi daging ka masarakat arék unggal bulan ogé teu jadi sual.

Anu diperedih ku lolobana urang nyaéta bérés dibagikeun éta daging kurban, dituluykeun kana nyaté. Haseup ngelun di tiap kampung jeung lembur nandakeun ayana kahirupan anu punjul, dina tradisi urang mah apan aya istilah: dapur ngebul.

Aya kajadian anu teu dipiharep, sok aya iber jalma perlaya kusabab pasedek-sedek nalika dibagi daging kurban. Hal anu sakuduna teu kudu lumangsung. Naha maké kudu pasedek-sedek, da tangtu bakal kabagéan. Dina teu kabagéanna ogé kari ménta kanu boga.

Nyaté dina poé lebaran kurban hiji kabiasaan anu kudu dimumulé, miboga simbul ayana kahirupan paguyuban di tiap lembur ku ciri haseup anu ngelun, ditambah ku seungit daging anu dibeuleum, jeung cuh cih anu gubar-geber sabari cacamuilan ngadahar saté bati kurban.

Teu kudu aya kariweuh sabenerna dina hirup mah, jeung maol rariweuh nalika kabéh dilakonan babarengan jeung lain ku omong tapi ku falsafal Pok pék prak.

Kang Warsa - Caca 


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.
 
|
Copyright © 2012. SUKABUMI DISCOVERY - All Rights Reserved

Contact Kang Warsa